Contoh Dongéng Sasakala
Di bawah ini terdapat contoh dongéng Sasakala tentang nama sebuah kampung yang sampai sekarang masih ada di daérah Bekasi, tepatnya di Désa Mangunjaya, Kecamatan Tambun Selatan.
Asal Muasal Kampung Siluman
Baheula sakitar 1700 taun nu geus kaliwat, Mangunjayaa, saencan jadi desa, mangrupa daérah leuweung deukeut walungan Chandrabhaga di karajaan Tarumanagara kalawan Suku Majay nu jadi pangeusina. Suku Majay nyaéta hiji kelompok penduduk anu paling dipikasièun ku sakabéh rahayat Tarumanagara. Tong boro suku bangsa lain, malahan pantar prajurit karajaan teu aya nu wanieun, atawa nincakkeun sukuna di tanah Mangunjayaa. Saha baé anu hasil nincak, geus pasti bakal kapanggih ngambang teu nyawaan di walungan Chandrabhaga.
Ahirna Raja Tarumanagara, Purnawarman, nyebarkeun sayémbara kalawan hadiah nu gedé pikeun saha baé anu bisa ngaruntuhkeun Mangunjayaa. Sarombongan pemuda ti nagri Kulon nu jumlahna 11 urang ngajukeun diri pikeun milu sayémbara. Badan maranéhna jarangkung badag kalawan matana bulao. Garedé kawanina, tapi hanjakal, maranéhna teu apal situasi daérah sarta lawan nu rék disanghareupanana. Leuweung Mangunjayaa nyaéta leuweung karamat. Rahayatna hirup babarengan jeung alam. Alam nyadiakeun sakabéh kabutuhan rahayatna, kaasup kaamanan. Tiap tilu bulan sakali hiji nyawa dikorbankeun pikeun sajén éta leuweung. Tebusan nu teu mahal ku sabab pihak karajaan geus nyadiakeun sarta ngirim rahayat anu siap dikorbankeun.
Mangunjayaa ngabogaan larangan atawa aturan anu teu meunang dilanggar ku rahayat. Rahayat kudu patuh lamun teu hayang meunang akibat tina ngalanggar éta larangan. Aturan anu kudu dilakukeun ku rahayat nyaéta teu meunang dahar jagong di pertengahan bulan, lamun nyapék teu meunang nyéplak, teu meunang nincak jukut jeung ngaruksak tatangkalan, iwal meunang ijin ti roh panjaga leuweung, teu meunang miceun runtah sambarangan, sarta aturan-aturan lainna anu nepi ka ayeuna jadi rahasia karuhun. Rombongan pamuda ti Kulon téa teu nyaho aya aturan saperti kitu. Maranéhna lalawora bari seuseurian asup ka tengah leuweung. Tatangkalan diruksak, sanggeus diruksak terus diduruk. Seuneu ngaléntab ka mana-mana sarta ahirna éta leuweung kahuruan.
Raja Purnawarman manghanjakalkeun kana kalakuan éta parapamuda. Raja geus bisa mastikeun, éta kelompok pamuda pasti moal salamet. Di tengah seuneu nu ngabebela, katingali aya hiji budak awéwé nangtung bari nyepeng bonéka kelenci. Opat urang pamuda ti anu sabelas téa ngudag ka arah seuneu rék nyalametkeun éta budak. Mingkin diudag ku para pamuda, rasana éta budak mingkin jauh baé, jadina maranéhna papisah jeung rombonganana. Sanggeus jauh maranéhna kakara sadar. Opat pamuda téa rék balik deui ka rombonganana, tapi malah kasasar. Kukurilingan néangan tempat baturna tapi tetep teu kapanggih. Awak maranéhna geus lungsé sarta ngarasa kacapéan. Sirah lieur jeung teu paruguh titingalian.
Tatangkalan katingal ngaribing, dahan-dahanna tinggarupay ngipasan awakna sarta akar-akarna karasa ngusapan sukuna. Maranéhna teu sadar yén lila-lila éta akar meulit saterusna nyedot awak-awakna nepi ka ambles nembus ka jero tatangkalan. Opat pamuda paraéh di jero leuweung karna ku kabodoan jeung kasombonganana. Ayeuna tinggal tujuh deui pamuda nu keur ngarasa bingung ku kajadian tatangkalan nu didurukna teu beak-beak. Tiap tangkal nu diduruk seuneuna teu рareum-pareum. Ditungguan lain pareum, ieu mah malah ngagedéan. Saterusna maranéhna néangan jalan kaluar ti éta leuweung. Tapi maranéhna siga nu puputeran baé. Lamun maranéhna geus leumpang jauh, datangna ka tempat asal manéhna ngaduruk tatangkalan téa.
Kitu jeung kitu baé kajadianana, nepi ka teu kaitung teuing sabaraha lilana sarta kumaha nasibna. euweuh nu salamet sarta jasadna ogé leungit. Aya ogé nu nyebutkeun jasadna ngagantung dipaluruh ka jero leuweung mah teu aya tanda-tanda kahuruan. Teu aya ruhak atawa lebu Leuweung Mangunjaya geus ngahukuman éta varapamuda ku jalan ngerem kahirupanuna. Kahayat di luar leuweung ningal haseun jeung seuneu nu ngabebela. Tapi sanggem. sésa kahuruan nu kapanggih. Nu jelas, rahavat geus mastikeun rombongan pamadd don dina tatangkalan, ngambang di walungan, kakubur di jero leuweung, jeung réa deui versi ngeunaan nasib parapamuda téa. Ku ayana ieu kajadian, mangka kasohor daérahna ku sebutan Kampung Siluman.