Wawacan
Wawacan
Berlanjut dari materi Guguritan, kini kita membahas materi Wawacan. Sebagaimana telah di jelaskan terdapat perbedaan yang jauh antara guguritan dan wawacan. Simak penjelasan wawacan dalam Bahasa Sunda berikut.
A. Medar Perkara Wawacan
Wawacan nyaéta salah sahiji karya sastra wangun prosa heubeul panjang nu dianggit maké patokan pupuh (17 pupuh). Ku kituna, wawacan dianggap salah sahiji carita anu didangding jeung digelarkeun dina puisi pupuh. Ku kituna, bisa dicindekkeun yén wawacan téh karangan naratif anu didangding jeung dianggit ku pupuh. Struktur wawacan dibagi 3 nyaéta :
1. Manggalasastra (alofon), eusina ménta ijin jeung hampura ka Gusti nu murbéng alam jeung luluhur. Conto manggalasastra:
Kasmaran kaula muji Ka Gusti ajawajala Nu Murah ka mahluk kabéh Jeung muji utusanana Kanjeng Nabi Muhammad Nyaéta Nabi panutup Miwah muji sahabatna. (Wawacan Rengganis)
2. Eusi Carita
3. Kolofon (panutup carita), biasana dina kolofon disebutkeun iraha éta wawacan ditulis, dimana, taun sabaraha (Hijriah atawa Maséhi). Conto kolofon:
Tamatna kaula ngarang Pukul tujuh malem kemis Tanggal tujuh welasna Kaleresan bulan April Taun kanjeng Maséhi Saréwu dalapan ratus Jeung genep puluh dua Marengan hijrahna nabi Saréwu dua ratus tujuh puluh dalapan. (Wawacan Panji Wulung)
Eusi wawacan dibagi 3 nyaéta:
1. Beluk
Seni macakeun wawacan sok disebut beluk. Kecap wawacan téh asalna tina kecap waca' anu hartina 'maca', ku kituna bisa disebutkeun yén ayana wawacan di tatar Sunda téh sabada masarakatna geus barisaeun maca, umumna di kalangan pasantrén jeung para menak. Wawacan mangrupa carita anu didangdingkeun jeung digelarkeunana dina puisi pupuh. Ditilik tina wangunna, carita wawacan téh mangrupa carita anu kauger ku guru lagu, guru wilangan, sering gunta-ganti pupuh, jeung umumna paranjang. Ari maca wawacan biasana sok ditembangkeun, disebutna beluk. Ayana éta beluk biasana dipidangkeun lamun aya salametan, kariaan, atawa aya anu ngalahirkeun, jeung rea-rea deui. Maca wawacan téh sering gunta-ganti pupuh. Ari pupuh anu sok ditembangkeun taya lian kinanti, asmarandana, sinom, jeung dangdanggula, sedengkeun pupuH nu sején mah teu pati sering dipaké. Aya hiji wawacan anu numutkeun panalungtikan Dr. Mikihiro Moriyama, peneliti Kabudayaan Sunda ti Jepang, jadi tonggak ngembangna modernitas di golongan urang Sunda. Wawacan kasebut nyaéta Wawacan Panji Wulung anu ditulis ku R.H. Moehamad Moesa, Penghulu Kabupatén Garut dina jaman kolonial. Dina bukuna, Moriyama nétélakeun: "Wawacan Panji Wulung nyaritakeun usaha panyatur dina ngembangkeun dunia modern saluyu jeung tuwuhna jaman ku cara ngawanohkeun konsép anyar ka nu maca, éta sababna wawacan ieu ditapsirkeun minangka gambaran tumuwuhna moderenisasi dina nulis basa Sunda".
2. Sajarah
Ditilik tina sajarahna, gelarna wawacan téh sabada sastra sunda kapangaruhan ku sastra jawa, pangpangna Mataram. Dina abad ka-17 M, asupna wawacan ka tatar sunda téh babarengan jeung asupna basa Jawa ka wilayah Jawa Barat, ku pangaruhna kakawasaan Mataram. Saterusna basa Jawa téh mangrupa basa resmi nu digunakeun ku pamaréntahan mangsa harita, nepikeun ka pertengahan abad ka-19. Sanggeus kitu tulisan basa sunda téh digunakeun deui di Jawa Barat.
3. Papasingan Wawacan
Eusi wawacan rupa-rupa, Wawacan carita nabi :
1. Wawacan Nabi Paras 2. Wawacan Mi'raj Kangjeng Nabi Muhammad saw. 3. Wawacan Sajarah Ambiya 4. Wawacan Layang Syékh 5. Wawacan Babad Ambiya
Wawacan anu asalna tina babad:
a. Wawacan Amongsari jeung Lembusari b. Wawacan Aji Saka c. Wawacan Umar Maya d. Wawacan Pranatana Istri ka Carogé e. Wawacan Muslimin-Muslimat f. Wawacan Damarwulan g. Wawacan Ratu h. Wawacan Batara Rama i. Wawacan Rusiah nu Kasép j. Wawacan Rengganis k. Wawacan Mintaraga l. Wawacan Sulanjana m. Wawacan Panji Wulung n. Wawacan Adat Ngurus Orok o. Wawacan Angling Darma p. Wawacan Indra Putra Kasép q. Wawacan Gandasari
Wawacan Iman, Élmu, reujeung Amal 1. Wawacan Purnama Alam 2. Wawacan Wayang Purwa 3. Wawacan Mahabarata Conto wawacan : Wawacan Sasakala Ciung Wanara Pupuh SinomAya hiji karajaan, karajaan di Ciamis, Raja boga istri dua, boga budakna lalaki, istrina nu ka hiji, wasta Dewi Naganingrum, tilu bulan ngantosna, di pasih putra lalaki, lantaran Dewi Pangrenyepna sirikan. Dipiceun éta anakna, digantikeuna ku anjing, Rajana ambek-ambekan, anak dipiceun ku aki, dipulung aki nini, nyangsang di paragi lauk, ngan acan boga ngaran, di ajak ulin ku aki, ku aki di aranan ciung wanara.
Pupuh Maskumambang
Si Ciung bogaeun hayam sok ditanding, tandingna sok meunang, harita ciung rek indit, inditna ka karajaan. Di alun-alun Ciung papanggih patih, nangtang ngadu hayam, nangtangna ka Raja sakti, ngarana Prabu Kusumah.
Pupuh Kinanti
Ciung tadonan jeung Prabu, prak hayamna langsung tanding, elehna hayam Wanara, dibawa ka Cibarani, eta hayam dimandian, akhirna teh meunang tanding. Tuluy papanggih jeung indung, ngarana nyaeta Dewi Naganingrum teh tuluy na, meunangna saparo Nagri, si Ciung teh meuni bungah, kawasana Cipamali.