HEADLINE
Dark Mode
Large text article

Guguritan

Guguritan

Guguritan

Pernah kamu membaca Guguritan? Iya, salah satu pembahasa dalam pelajaran Bahasa Sunda mengenai Guguritan. Berikut Penjelasan Guguritan dalam Bahasa Sunda. Agar lebih memahami nya silahkan simak penjelasanberikut mengenai Guguritan. A. Pedaran Ngeunaan Guguritan Guguritan nyaéta salah sahiji wangun puisi buhun nu dianggit maké aturan pupuh atawa dangding. Guguritan téh salah sahiji karya sastra anu diagungkeun waktu Mataram datang ka tatar Sunda dina abad ka-16. Jaman harita, pupuh téh mayuyu meumeujeuhna mekar ka sababaraha lingkungan, saperti pasantrén, yukirin, jeung masarakat literat sejena. Seni nganggit guguritan maké pupuh téh salah sahiji kamekaran tina rumpaka pupuh anu geus matok. Guguritan dijieun bisa dikasang tukangan ku karesep, kaayaan haté, jeung kereteg pangarang nu keur karasa harita. B. Bédana Guguritan jeung Wawacan 1. Guguritan Guguritan mah wangun karangan pondok. Contona guguritan karya H. Hasan Mustapa (1852-1930) aya nu panjangna nepi ka 500 pada, réréana panjangna kurang leuwih 200 pada. Kitu deui aya guguritan anu eusina mangrupa carita kayaning Kiamat Leutik karya Toebagoes Djajadilaga, Alus Tetep Alusna karya A. Kartawinata (dimuat dina mingguan Parahiangan, 1930). Guguritan mah ngan dianggit ku sapupuh wungkul. Guguritan biasana nyaritakeun kaéendahan alam, papatah hirup, jeung kereteg haté pangarangna. Istilah ngalagukeun guguritan téh disebut nembang. 2. Wawacan Wawacan mah wangun karangan panjang. Wawacan mah dianggit ku sababaraha pupuh dina sajudulna. Wawacan biasana nyaritakeun karajaan, kajadian penting, jeung carita husus lianna. Istilah ngalagukeun wawacan téh ngabeluk. 3. Wangun basa Wangun basa ugeran anu ditulis saluyu jeung aturan dangding. Biasana mangrupa rumpaka anu ngagambarkeun rasa pangarangna, tapi loba ogé nu eusina papatah atawa fiksi. Guguritan biasana ukur sababaraha pada, tapi Dangdanggula Laut Kidul jeung Asmarandana Lahir Batin kaasup rada panjang, kitu ogé guguritan H.Hasan Mustapa umumna 100-200 pada, aya ogé anu 400 pada panjangna. Maca guguritan téh biasana dihariringkeun ku lagu-lagu tembang, aya ogé sababaraha guguritan nu dipaké salaku patokan nembangkeun pupuh, misalna pada kahiji Laut Kidul dipaké nyanyikeun lagu pupuh dangdanggula, sedengkeun pada kahiji Lahir Batin dipaké pikeun nyanyikeun lagu pupuh asmarandana. 4. Éksisténsi Dina mangsa saacan perang, murid-murid di sakola Angka II jeung utamana Sakola Guru (Normal school) diajarkeun nembang jeung nulis guguritan, nu matak maranéhanana calakan pisan, lain ngan ukur nyanyikeun luyu jeung lagu pupuh, tapi ogé bisa nyusun guguritan ku sorangan. Biasana dinyanyikeun dina acara nu tinangtu, misalna paturay tineung di sakola, miéling poé-poé husus, aya ogé dina susuratan. Kaparigelan nyieun guguritan dianggap salaku kapunjulan hiji jalma komo lamun manéhna pinter nembangkeunana, sabab dina mangsa sanggeus perang di sakola- sakola téh kana dangding jeung cara nembangna teu diajarkeun sacara inténsif. Ku kituna, guguritan leungit popularitasna, iwal di kalangan ahli mamaos nu kawatesan ku ngapalkeun guguritan nu geus aya wungkul. Sanajan kitu guguritan sakapeung mah dimuat dina majalah atawa surat kabar. Kumpulan guguritan anu munggaran, anyar terbit taun 1991, nyaéta Jamparing Hariring karya Dédi Widyagiri, sarta dituturkeun ku Guguritan Munggah Haji karangan Yus Rusyana (1995), Ring-ring Ciawaking Wahyu Wibisana (1999), jeung Jaladri Tingtrim karangan Dyah Padmini (2000). Guguritan asalna tina kecap gurit, tina basa Sansekerta ; Grath anu hartina nyusun karangan. Nurutkeun para ahli guguritan mangrupa pangaruh tina bahasa jawa nu asup dina mangsa tatar sunda kaéréh ku Mataram(Islam). Guguritan dina sastra sunda nyaeta karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok ditulisna dumasar kana patokan pupuh. Kecap wangun didieu téh jadi ciri utama pikeun ngabédakeun guguritan jeung wawacan anu sarua ditulis dina wangun pupuh. Eusina biasana mangrupa hiji kajadian, kaayaan, atawa poko pikiran. Ku lantaran pondok téa, umumna pupuh dina guguritan mah henteu gunta ganti.Sakapeung ngaran pupuhna ogé sok diterapkeun dina judul éta guguritan saperti "asmaradana lahir batin". Ciri utama pikeun ngabédakeun guguritan jeung wawacan. Guguritan mah biasana dipaké nyebut dangding anu henteu panjang tur biasana ngagambarkeun rasa lirik anu nulisna atawa mangrupa naséhat, sedengkeun ari wawacan biasana mangrupa carita. Eusina biasana mangrupa hiji kajadian, kaayaan, atawa poko pikiran.Ku lantaran pondok téa, umumna pupuh dina guguritan mah henteu gunta ganti.Sakapeung ngaran pupuhna ogé sok diterapkeun dina judul éta guguritan. Guguritan ditulisna dina wangun pupuh. Pupuh nyaéta puisi anu kauger ku guru lagu, guru wilangan, jeung jumlah padalisan dina sapadana. Guru lagu nyaéta sora (vokal) dina engang panuntung unggal padalisan.

[caption id="" align="aligncenter" width="407"]maca guguritan Siswa maca guguritan di hareupeun kelas[/caption]

5. Nulis Naskah Guguritan Nulis naskah guguritan béda jeung sajak, tapi ari wanguna mah sarua ditulis dina wangun ugeran (puisi), ku kituna supaya teu negtog teuing tengetan katangtuanana ieu di handap :

a. Kudu apal heula kana salah sahiji rumpaka pupuh nu 17 nyaéta :

  1. Pupuh Kinanti
  2. Pupuh Sinom
  3. Pupuh Asmarandana
  4. Pupuh Dangdang gula
  5. Pupuh Maskumambang
  6. Pupuh Landrang
  7. Pupuh Pucung
  8. Pupuh Lambang
  9. Pupuh Mijil
  10. Pupuh Durma
  11. Pupuh Balakbak
  12. Pupuh Pungkur
  13. Pupuh Gabuh
  14. Pupuh Gurisa
  15. Pupuh Wirangrong
  16. Pupuh Magatru
  17. Pupuh Jurudemung

b. Tangtukeun téma atanapi jejer karangan c. Tangtukeun pupuh nu luyu jeung téma / jejer karangan d. Teangan kecap-kecap nu cocog jeung purwakanti pupuh nu digunakeun e. Caritana bisa ditepikeun dina sababaraha pada, ogé bisa sapada. Contoh Pupuh Sinom :

Di wétan fajar balébat ( 8 - a) Panon poé arék bijil ( 8- i) Sinarna ruhay burahay ( 8 - a) Kingkilaban beureum kuning ( 8- i) Campur wungu saeutik (7-i) Kaselapan semu biru ( 8 – u) Tanda Batara Surya (7- a) Badé lumungsur ka bumi (8-i) Murub mubyar langit sarwa hurung hérang ( 12 - a) Mapag balébat ti wétan (8-a) Ngabring leumpang ngagaridig (8-i) Barudak rék sarakola (8-a) Kapireng pating hariring (8-i) Paheula heula nepi (7-i) Unggal isuk geus ngabaku (8-u) Bari garogonjakan (7- a) Istuning saruka ati (8-i) Saréréa hayang geura dialajar ( 12 - a)

Contoh Pupuh Kinanti :

Kabulusan Ku Hujan wi (Karya : Akmal Syarip) Tos jalan-jalan ti Bandung Balik keuna naék mobil Di jalanna kahujanan Hujana téh gedé angin Nepikeun ka kabulusan Tungtungna téh panas tiris Ku kituna hayang nginum Nginumna téh jeruk mipis Ditambah cai nu panas Ngadadak tiris téh leungit Geus kitu saré téh tibra Nepikeun ka adan maghrib

Contoh Pupuh Mijil :

Guru wilangan jeung guru lagu: 10-i, 6-o, 10-é, 10-i, 6-i, 6-u. Mesat Ngapung Putra Sang Arimbi Mesat ngapung putra Sang Arimbi (10-i) Jeung méga geus awor (6-o) Beuki lila beuki luhur baé (10-é) Larak-lirik ninggali ka bumi (10-i) Milari sang rai Pangeran Bimanyu (6-u) Nungtut Élmu  Najan cicing nya di tepiswiring Kadé ulah bodo sSaid kudu tetep nungtut élmu baé Sabab jalma nu loba pangarti Hirup tangtu hurip Mulus tur rahayu.

Conto Pupuh Durma :

Guru wilangan jeung guru lagu: 12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i

Lemah Cai

Nagri urang katelah Indonesia diriksa tur dijaring sumirat komarana berkahna Pancasila Swit ageman eusining nagri yu sauyunan ngawangun lemah cai.

6. Watek 17 pupuh dina Basa Sunda :

1) Dangdanggula, watekna agung, agem, bungah, langen, manis. 2) Sinom, watekna senang, gumbira, gahar, (biasana sok dipaké neruskeun pupuh dangdangula) 3) Kinanti, watekna ngadago, aya nu diarep-arep, prihatin 4) Asmarandana, watekna birahi, silih asih 5) Magatru, watekna prihatin, lulucon, panyelang 6) Pangkur, watekna keuheul, taki-taki (rék perang), lumampah 7) Durma, watekna nafsu, paséa, perang, gelut (biasana naeruskeun pupuh pangkur) 8) Mijil, watekna simpé, tiiseun, cilaka, sedih, bingung 9) Maskumambang, watekna sasambat, nyeri, nalangsa, ceurik 10) Pucung, watekna kaget, aling, wiwirang, kacingcirihi 11) Wirangrong, watekna bobodoran, pikaseurieun 12) Balakbak, watekna bobodoran, pikaseurieun 13) Gambuh, watekna bingung, samar polah 14) Lambang, watekna méh cara balakbak, heureuy, gogonjakan, tapi leuwih mijah ti balakbak jeung ladrang 15) Ladrang, watekna banyol, heureuy, gogonjakan 16) Gurisa, watekna lulucon, tambah kesel, pangangguran 17) Jurudemung, watakna kaduhung, hanjakal, hanjeu

7. Eusi guguritan Eusi guguritan téh rupa-rupa, di antarana waė :

Piwulang, contona "Wulang Krama", "Wulang Murid", “Wulang Guru", karangan R.H. Muhamad Musa, jeung "Asmarandana Lahir Batin", karangan R.A. Bratawijaya.

  • Pangalaman kabatinan, contona guguritan-guguritan karangan Haji Hasan Mustafa. Heme
  • Kawaasan/kaéndahan alam, contona : "dangdanggula Laut Kidul" karangan Kalipah Apo, "Ngalantung ka Tungtung Lembur" karangan M.A.S.
  • Kajadian, contona : "kiamat Leutik" karangan Tubagus Jayadilaga.
  • Surat, Biantara jeung Buka Pintu, contona guguritan anu dieusi surat jeung biantara (pidato), umpamana anu dikumpulkeun ku R. Danureja dina buku Serat-sinerat jaman jumenengna Raden Haji Muhamad Musa (1929). Guguritan buka pintu dihaleuangkeun dina Upacara Buka Pintu di nu kawinan.
Itulah pengertian Guguritan yang di jelaskan dalam Bahasa Sunda yang bisa admin tulisanguru.com jekaskan, semoga bermanfaat.